KABAYAN JADI MALIN
Ambu : yan… kabayan… geura hudang atuh! Tuh barudak
leutik oge geus arulin, ari maneh can hudang-hudang acan.
Kabayan:
(bari kuliat) aya naon atuh ambu?
Ambu : tuh aya si ucok nelepun, penting cenah!
Kabayan:
lah, bejakeun we, iraha-iraha deui neleponna da kabayan keur sibuk.(sare deui)
Ambu : buru hudang!!! (ngabenyeng suku kabayan)
Kabayan:
keheula atuh ambu slow we ari hirup mah.
Ambu : mun slow wae mah, si iteung kaburu ku batur
atuh kabayan.
Kabayan:
bet henteu.(lumpat ka tengah imah muru telepon)
+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Kabayan:
halo cok
Ucok:
halo halo we pean teh, kesel yeuh nunungguan. Beak pulsa keteh.
Kabayan:
maklum atuh cok, nelepon ka orang sibuk mah kieu.
Ucok:
kareplah kumaha pean kabayan.
Kabayan:
aya naon tuh cok? Kangen ka urang? Padahal mah baheula teh tong indit ka kota,
jadi bisa panggih wae jeung kabayan.
Ucok:
macammana pula kau ini kabayan, panyakitna geus kumat pean mah. Dangukeun heula
geura ari bang ucok ngbrol teh.
Kabayan:
keheula kabayan nebak deui, paling oge nyebut kabayan teh kasep kan?
Ucok:
salah kabayan. Bedegong pean mah, yeuh aya pagawean di kota keur maneh. Lumayan
gaji na gede.
Kabayan:
hemmm, kumahanya??? Hemmm… kumahanya??? Ke ek bebeja heula ka ambu. Emang di
gawe naon??
Ucok:
jadi office boy.
Kabayan:
widih gaya euy pagaweanna boy-boyan kitu. Jiga boy band atuh nya?
Ucok:
karep, kumaha pean. Engke weh pean nelepon deu… Tuuttt..tuttt..tutttt. Euh,
pulsana beak.
Kabayan:
halo ucok? Hallo hallo… sugan hitut si ucok teh, tutt tutt an wae. Boa pulsana
beak?
++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Kabayan:
ambuuu, ambuuuu, ambuuu, oyyy AMBUUUUUUUUUUUUUU!!!
Ambu: naoh
atuh ari pean kabayan ? (bari mamawa sapu nyere)
Kabayan:
eeeh, ambu mani geulis pisan..
Ambu: apal
eta mah ti baheula oge. Geus bosen di sebut geulis mah ku si abah oge remen.
Kabayan:
ehh, si ambu mani goring patut..
Anbu: teu
sopan maneh kabayan, ka kolot teh!
Kabayan:
sudahh, sudahh.. inti na mah kieu nya ambu, kabayan teh di ajakan di gawe ka
kota ku si ucok.
Ambu: emang
naon kitu pagaweanna?
Kabayan:
naon tuh nya mbu, teu ngarti kabayan oge. Da tadi the ceuk si ucok boy-boy an
kitu.
Ambu: ari
ambu mah, asa ulah eung. Manya kabayan teu karunya ka ambu. Keur mah si abah
merntau. Manya ayeuna ek di tinggalkeun ku kabayan. Kabayan teh kasep da ngan
hanjakalna saeutik, pinter oge ngan masih pinteran budak leutik, berbakat ngan
bakatna sare. Tapi da ambu teh nyaah ka kabayan.
Kabayan:
kabayan oge terang ambu nyaah ka kabayan, ngan tong di sebutkeun atuh ambu ka
gorengan kabayan teh . kumaha atuh jadina ayeuna mbu?
Ambu: ari
ambu mah kumaha kabayan. Ngan mun di kota tong poho mere kabar ka ambu.
Kabayan: hatur
nuhun ambu. Ongkosna mana?
Ambu: sugan
ek indit the boga ongkos?
Kabayan:
kapanan kabayan mah teu di gawe ambu.
Ambu: ke
heula atuh tungguan.
++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Kabayan:
nelepon ka si ucok ah.. halo ucok?
Ucok: halo
kabayan, kumaha jadi teu?
Kabayan: nya
jadi atuh, manya henteu.
Ucok: sip
atuh. Di tunggan di tugu anu basa itu tea nya.
Kabayan:
basa itu iraha?
Ucok: basa
ka bapa tompel si tompul.
Kabayan:
ohh, ok ok kabayan inget.
Ucok:sok
geura indit.
Kabayan:
okeh okeh, tungguan nya. Awas mun henteu ke ucok bisi di kutuk jadi babaturanna
tugu anu baheula.
Ucok: muhun
manga, kasep…ak munding. (mareman telepon)
++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Iteung:
assalamu’alaikum, kang kabayan.. ambuu..
Kabayan:
wa’alaikumussalam eh, neng iteung..
Iteung: saur
ambu, akang the bade ka kota. Muhun kang?
Kabayan:
muhun neng, da piraku akang ngan bisana nyusahkeun ka ambu. Si ambu the geus
kolot jaba tereh peot.
Iteung: oh,
ari kitu mah manga atuh.
Kabayan:
neng iteung tong nangisnya.
Iteung: nya
moal atuh, iteung mah bahagiaaaaaaaaa pisan.
Kabayan:
(jamedud) pangna bahagia?
Iteung:
apanan mun akang gawe, egke di restuan ku abah iteung.
Kabayan:
ahh, neng iteung mah bisa wae.
Iteung:
ahhh, akang kabayan.. sok atuh geura mangkat, kaburu siang engke the.
Kabayan: sok
atuh neng, calikheula. Akang bade nyandak kamper.
Iteung:
kamper kanggo naon kang?
Kabayan: ah,
neng iteung mah teu gaul, manya kamper oge teu terang. Kamper the paragi wadah
baju..
Iteung: eta
mah koper atuh kang..
Kabayan: tah
eta maksud akang the..
+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Kabayan:
ambu, kabayan pamitnya.. do’a keun kabayan sing sukses jadi boy-boy
Ambu:
nya atuh moal aya kolot nu teu ngadoa keun anakna. Ambu mah pasti ngado’a keun
kabayan. Jaga diri, tong kabawa ku sakaba-kaba, sing salametnya di jalanna,
kahade sholat.
Kabayan:
amin ambu.. neng iteung, akang pamit heula nya. Kahade mun si jajang ngaganggu
bebeja w ka akang. Akang nitip ambu, pepejeuhnya akang nitip ambu..
Iteung:
muhun kang, ati-ati di jalanna.
Kabayan:
muhun, kabayan berangkatnya..
Iteung:
kangg..
Kabayan:
naon atuh teung, akang terang neng alim ditinggalkeun ku akang. Tapi da kumaha
deui.
Iteung:
kang, eta koper na tinggaleun
Kabayan:
ohh, enya nya.. ahh, neng iteung mah mun ti tatadi ngobrolna.
Iteung:
apanan bade.
Kabayan:
tos nya kasadayana kabayan angkat heula..assalamu’alaikum
It&am
: wa’alakumussalam
+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Di
kota
Kabayan:
nepi oge di ieu tempat. Ehhh, kang tugu, beuki kasep euy.. ah si akang mah teu
ngobrol-ngobrol, jadi balaga euy ayeuna mah.
Ucok:
hoy, kabayan
Kabayan:
ucok.. cok, ayeuna kang tugu balaga geura, manya pohoeun ka kabayan.
Ucok:
ayeuna mah mun ek ngobrol jeung tugu kudu di pencet tombolna..
Kabayan
: nu mana?
Ucok:
tah nu ieu.
Kabayan:
(mencet tombol)
Tugu:
selamat datang, selamat dating, kabayaaaannnn..
Kabayan:
hahaha keren euy.. kang kenal keneh teu?
Tugu
: kenal, kenal, pisan.
Ucok:
hayulah kabayan, bisi si bos nyarekan
Kabayan:
hayu atuh. Kang tugu, kabayan jeung ucok pamitnya.
Tugu:
manga.
++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Di
lokasi syuting.
Kabayan:
widih, loba alat-alat canggih..
Ucok : nya heueuh atuh.. hayu kabayan suang ka
bos..
Bos, ini yang ucok cakapkan tadi.
Namanya kabayan
Bos:
oh, baguslah. Dia bisa kerja mulai hari ini.
Ucok:
baik bos..
Kabayan:
ohh, di dieu mah kudu ku bahasa Indonesia.
Ucok:
ya iya atuh kabayan
Kabayan:
baik kalau begitu, kabayan mah bisa pake bahasa Indonesia.
Ucok:
buru gawe
+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
Seminggu
kemudian..
Kabayan:
tuhan, aku pengen jadi artis. Kabayan tidak mau nganteuran wae kopi. Cape, nya
disalahkeun wae deuih..
Ucpk:
syukuri we kabayan, da hirup mah peurih.
Kabayan:
ngaledek deui budak the.
Ucok:
sakalikali mah teu nanaon atuh kabayan..
Kabayan:
karep ah, kabayan mah ek nganteurkeun heula kopi.. minggir anak bau.. (ngaleos)
Ucok:
biar bau yang penting payu.. hahahaha eh, masbuloh. Emang masalah buat loh.
Biarpun bau, yang penting aku payu..
Kabayan:
ini bos kopi nya..
Sutradara:
simpan di sana.. gimana sih kalian, gak profesional banget tuh artis. Kesingan
mulu, urus tuh. Ok Chelsea dan angel, kalian duluan saja.
C&a
: baik om..
Sutradara:
camera rolling action
Chelsea:
oh my god, cuaca hari ini panas bingitsss
Angel:
iya, mending kita ke mal aja
Kabayan:
ayoo atuh kabayan ikut.
Sutradara:
kat, kat .. heh kamu ngapain ikut ngomong ini lagi syuting. Hemm, tapi kamu
lumayan ganteng. Bolehlah. Makeupin dia, SEKARANG.
Kabayan:
kabayan bos?
Sutradar:
iya, cepat. Yang lain istirahat.
+++++++++++++++++
Makeup:
ini bos, sudah di makeup
Sutradara:
ok, kita mulai. Kabayan ini skrip kamu.
++++++++++++++++++++++
Actor:
maaf om telat, tadi macet.
Sutradara:
gimana sih kamu, peran utama sudah di gantikan. Kamu jadi peran pembantu.
Actor:
tapi om..
Sutradara:
Gak ada tapi.. tapian.
Actor:
awas lo artis baru..
+++++++++++++++++++
Kabayan:
hei, bolehkah kabayan minta tanda tangannya?
Actor: sorry
tanda tangan gue gak pantas buat lo.
Kabayan:
bisakah kita berteman kawan?
Actor:
sorry, gak level gue temenan sama lo. (ngaleos)
++++++++++++++++++++++
(syuting)
+++++++++
Chelsea:
kabayan, kamukan artis baru jadi kamu harus tau tata tertib artis.
Kabayan:
tata tertib? Emang ada? Kaya sekolah aja..
Angel: ada
dong kabayan. Masa gak tau.
Kabayan:
emang apa?
Chelsea:
jadi artis itu harus sombong.
Kabayan:
sombong? Maaf yah neng cantik, da kabayan mah gak diajarin sombong sama ambu.
Angel: tapi
ini udah kodratnya jadi artis.
Kabayan: oh,
gitu yah.. terus apalagi?
Chelsea:
jadi artis itu harus bergaul sama orang kaya, jangan sama orang miskin. Gak
level.
Kabayan:
tapi kan yang kaya dan miskin sama aja.
Angel: ih
kamu kabayan, gak nurut. Kecuali kamu gak mau jadi artis, jangan nurutin
kata-kata kita.
Kabayan: ok
deh.(ngaleos)
Chelsea:
hahahaha, dia masuk perangkap kita angel.
Angel: iya
chels
+++++++++++++++++++++++++
Wartawan:
kabayan, boleh kah kami mewawancarai anda?
Ucok: maaf
kalau mau mewawancarai kabayan harus ada izin dari ucok. Karena saya manager
nya.
Wartawan:
baiklah, bang ucok boleh kita mewawancarai kabayan?
Ucok: boleh,
asal foto saya dulu. Silahkan anda wawancarai kabayan.
++++++++++++++++
Wartawan:
kang kabayan gimana rasa nya jadi artis.
Kabayan:
seneng, tapi cape.
Wartawan:
kabayan apa benar kedekatanmu dengan Chelsea?
Kabayan:
gak, kita Cuma teman aja.
Wartawan:
apa kalian pacaran? Atau cinlok?
Chelsea: iya
mbak kita pacaran. Kemarin sore dia nembak aku
Kabayan:
maksud kamu chel?
Chelsea:
udah diem
Wartawan:
terimakasih untuk info terbarunya.
Chelsea:
iya, samasama..
+++++++++++++++
Kabayan:
maksud kamu apa chels?
Chelsea:
jadi artis itu harus cari sensasi. (ngaleos)
++++++++++++++
ACTOR: hey,
kalian.
1&2: ada
apa bos?
Actor:
habisi kabayan, sampai babak belur.
1&2:
siap bos..
++++++++++++++++
(Kabayan di
tenggeulan)
++++++++++++++++++++++
Di kampung
iteung sedang menonton tv
Indosair
Baik pemirsa
kembali lagi di acara D’cabe
Iteung: teu
rame ah.
RCETI
Pemirsa, di
sini kami punya berita terhangat, terpercaya dan setaja bedog bedog.
Pendatang
baru di entertainment kabayan yang sedang naik daun di kabarkan dekat dengan
salah satu pemain film siti belang belang. Ini dia liputannya.
Iteung:
akang kabayan? Iteung cemburu..(pindahkeun cenel)
Anteneu
Balik lagi
di minideal aduh lieur..
Iteung:
ahhh, panasaran pindahkeun deui..
RCETI
Mereka di
kabarkan cinlok, dan kabayan menyatakan cintanya pada sore kemarin.
Iteung:
ahhhhhhhhh, akang kabayan pikaseubeuleun. Kudu di bejakeun ka si ambu ieu mah.
Tv d
opar-oper ku si iteung nepika not responding
+++++++++++++++++
Iteung:
ambuuuuu, si kang kabayan jadi artis, tadi iteung ningali dina tv.
Ambu: maenya
atuh iteung.
Iteung: enya
ambu iteung mah suer, wer ta kewer-kewer.
Ambu: ahhh,
ambu pingsan heula(pingsan)
Iteung: ih
ari ambu, hayu cuang susulan ka kota.
Ambu: nam
atuh..
+++++++++++++++
Dikota
Ambu: kang,
ojeg.
t.ojeg :
kemana bu?
Ambu: kemana
teung?
Itwung: ke
lokasi syuting siti belang belang.
t.ojeg: baik
lah bu.
++++++++
t.ojeg:
sudah sampai bu.
Ambu:
berapa?
t.ojeg:
50rbu
iteung: hah?
Mani mahal
t.ojeg: ini
itu kota mba.
Ambu: nih
kembaliannya ambil saja hayu iteung
t.ojeg: bu,
kembalian gimana? Orang ini kurang
+++++++++++++++++
Kabayn di
wawancarai..
Ambu:
kabayan, anak ambu..
Wartawan:
maaf ibu siapa yah?
Ambu: saya
the ambunya kabayan, saya bangga punya anak seperti kabayan jadi artis.
Kabayan:
maaf ibu siapa yah? Saya tidak mengenal ibu.
Iteung:
akang, eta the ambu, ieu iteung. Manya akang the teu inget ka ambu jeung
iteung?
Kabayan:
tapi saya tidak mengenal anda. Pergi nenek peot dan orang kampung.
Ambu:
keterlaluan kamu kabayan. Tega ka ambu.
Iteung:
akang, tega akang nganyenyeri hate ambu.
Kabayan: terserah
kalian saya tidak mengenali kalian.pergi (nyurungkeun ambu)
Iteung:
ambu, hayu uih ka kampung.
Ambu: saya
tau saya orang miskin,dan jika kamu anak saya sekarang juga saya kutuk kamu
menjadi tugu.
Kabayan
berubah menjadi tugu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar